Basa Uing Nongton Salah Sahiji Acara Tipi

Sanes sirik, sanes geuleuh , upami uing dugi ka kekerot, ningali kulawargi salira papah ngagandeuang na amparan karpet warna beureum wengi tadi. Uing tos apal kumaha carana nahan katugenah, tos biasa ngabebenjokeun hate tina saneskanten titingalian nu matak kukurayeun. Waktos salira sakulawargi ngawur-ngawurkeun imut tina lambey nu beureum tur semu baseuh, naha ku uing bet teu karaos amisna?. Saurna waragad pesta teh dugi seep mang milyar-milyar ?.Sanes pedah teu di ulem, hate uing jadi marudah. Nganaha-naha soteh, bane we uing ngarasa, yen salira teu tiasa ngaragap kasusah nasib-nasib jelema leutik model uing.